| Etika Urang Sunda
ku Damu Carogéhéty
Jalmi téh mangrupi mahluk sosial. Ku kituna, dina ngalaksanakeun hirupna moal tiasa leupas ti jalmi nu sanés. Dina raraga ngayoman hirupna, hiji jalmi kedah tiasa komunikasi atanapi sosialisasi. Ieu hal tos janten hiji “konsensus hirup” dina kelompok masarakat. Saupami teu kitu, tinangtos jalmi téh bakal “cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa”. Hartosna, taya pisan batur keur hirup. Dina komunikasi atanapi sosialisasi tinangtos bakal ngagunakeun “basa” salaku médiana. Cobi urang tengetan conto-conto prosés hirup jalmi anu kantos karandapan ku urang, sapertos kieu:
HARTOS ÉTIKA Tilu hal di luhur téh saleresna mah mangrupi bagian tina Étika. Étika, numutkeun Kamus Umum Bahasa Indonésia nyaéta “Élmu ngeunaan saé sareng awon, ngeunaan hak sareng kawajiban moral” (1998 : 23). Dina Webster Dictionary, dijelaskeun yén nu dimaksud étika téh nyaéta “Elmu ngeunaan prinsip-prinsip tingkah laku sareng moral nu hade sarta tos disistemisasikeun”. Tiasa dicindekkeun yén étika téh mangrupi élmu nu nalungtik mana nu “saé” sareng mana nu “awon”, ogé mana nu “leres” mana nu “lepat” dina tingkah laku jalmi. Janten, étika mah langkung nyoko kana tingkah laku hiji jalmi. Puseur paniténna kana tingkah laku. TATAKRAMA MANGRUPI BAGÉAN TINA ÉTIKA Tatakrama asalna tina basa Kawi, tata, anu hartosna aturan; norma. Krama (basa Sansekerta), hartosna sopan, hormat, lemes dina paripolah. Jadi, tatakrama téh aturan kasopanan dina paripolah jalmi. Aya ogé nu nyebat tatakrama téh ku etiket, sopan santun, atanapi adab-adaban dina kahirupan manusa. HADÉ GOGOG HADÉ TAGOG Hadé gogog hade tagog mangrupi paribasa nu hartosna yén jalmi téh kedah saé dina “nyarios” (gogog) sareng tingkah laku (tagog). Janten, inti tina tatakrama (Sunda) téh aya dua, nyarios sareng tingkah laku. Dina prosés komunikasi, dua hal ieu moal tiasa lepas tina tangtungan hiji jalmi. Duanana tos mangrupi hiji sistem nu ngancik di unggal jalmi, boh sacara lahir boh sacara batin. Saé dina nyarios dilebetkeun kana tatakrama nyarios. Di Sunda aya anu disebat undak-usuk basa. Sapertos basa lemes, basa sedeng/loma, sareng kasar. Dina jaman kiwari mah, undak-usuk basa téh kirang pisan dianggona. Salah sawios sababna nyaéta pangaruh kiat ti budaya deungeun. Sedengkeun, nalika budaya deungeun lebet, mentalitas urang Sundana teu acan siap. Saé dina tingkah laku, salah sawios contona nyaéta cara nuduhkeun, cara ngaliwatan hiji jalmi, atanapi cara salalaman. Atanapi, gabungan gogog sareng tagog, sapertos dina ngamanggakeun tamu supados linggih (tingali antara nyarios sareng “gésture”), sareng sajabina. |